Pages

Subscribe:

Ads 468x60px

Semoga humor-humor ini dapat menyegarkan hidup kita, dan memberikan inspirasi untuk produktivitas kita;

Wednesday, October 15, 2014

Akal Si Ujang

Tengah poé di bulan puasa;
"Ma..., ari sato wajib puasa teu, Ma?" ceuk Ujang ngajorowok ti pipir.
Icih némbalan ti dapur, "Enya henteu atuh sato mah, Jang!"
"Ooh, kitu nya, Ma? " témbal Ujang tuluy teu kadengé deui ngomong.
Geus aya 5 menit pok Icih ngomong rada ngagorowok, "Harr.... naha manéh jempé, Jang, keur naon manéh di pipir ?!"
"Keur maraban cacing na jero beuteung, Ma! Karunya tatadi kukurubukan, ngoétan waé beuteung !" témbal Ujang sorana ngosom da bari barang dahar.
Icih nembalan penuh wijaksana, "Kadé atuh, Jang, bisi kadahar ku manéh, pan manéh mah puasa...:D

0 comments:

Post a Comment