Pages

Subscribe:

Ads 468x60px

Semoga humor-humor ini dapat menyegarkan hidup kita, dan memberikan inspirasi untuk produktivitas kita;

Thursday, March 24, 2016

Jalan ka Langit

Tengah Peuting harita teh aya hiji pamuda teu boga duit, moal dicaritakeun ari duit jang naon na mah. eta pamuda teh aya niat rek maling Kalapa,
ngaran bangsat mah biasa untap intipna teh kana barang batur,
harita ge manehna teh keur tungah tangah kaluhur tangkal kalapa nu mang Oding,
sanggeus katingali kumanehna aya jaraheun tuluy we manehna teh ngalaksanakeun niat gorengna rek maok Kalapa,,,
kalacat weh manehna naek asrod asrodan,

Dasar keur sial da karek ge neupi satengahna kadenge ku manehna aya anu nyarekan pok na"hey keur naon maneh??"
pas di reret katingali mang Oding keur tangah bari molotot ka manehna,,
atuh puguh we eta bangsat teh rewas pacampur jeung sieun da rumasa manehna boga salah,,
dasar bangsat sanajan keur kapepet kitu ge aya wae akalna mah,
da ceuk manehna bari urangah erengeh pikasebeleun pok na teh  "Punten bade tumaros dupijalan ka Langit leres ka palih dieu??"
bari nunjuk ka luhur.

0 comments:

Post a Comment