Pages

Subscribe:

Ads 468x60px

Semoga humor-humor ini dapat menyegarkan hidup kita, dan memberikan inspirasi untuk produktivitas kita;

Tuesday, April 26, 2016

Kembang Beureum

Moed geus ginding rék ka imah awewe nu diincerna, méméh ka imah awewe nyimpang heula ka tukang kembang.

Moed : “ Mang…, kembang nu beureum hiji….”.

Tk Kembang : “ Rék apél Jang….? “.

Moéd : “ Muhun Mang..”.

Tk Kembang : “ Hébat lah mani romantis..

Moéd : “ Moéd téa atuh…, gaul gitu loohh,   éh…Mang hiji deui kembangna…”.

Tk Kembang : “ Keur saha deui Jang..? “.

Moéd : Keur adina Mang, sok delak delék waé, jigana bogoheun oge ka abdi.”.

Tk Kembang : “ Mani hawek Jang…”.

Moéd : “ Wah mang urang hanca wé duanana…. Eh…kétang hiji deui wé mang kembangna “.

Tk Kembang :  Keur saha deui jang….??? “.

Moéd : Keur indungna mang, lumayan geulis kénéh katingalina mah, mun abdi kadinya sok melong waé, sigana sarua bogoheun ka abdi..”.

Tk Kembang : "Beu budak ngora ayeuna ku nurustunjung “. (Jero hatena)

Nepi ka imah  kabogohna, Moéd geus didagoan ku kabogohna, adina jeung Indungna rék diajak dahar bareng, ngan méméh dahar ngadagoan heula bapana can balik gawe..

Teu lila torojol Bapana datang,  Moéd langsung tungkul mingpin do’a... meni khusu da hayang kapaké meureun.

Mani lila pisan Moéd ngado'ana, saréréa geus cangkeul, Moed kalah beuki tungkul, kabogohna kesel tuluy noél bari ngaharéwos..  “Teu nyangka geuning Aa téh mani religius ngado’a mani lami…”.

Moéd bari luut léét késang masih kénéh tungkul teu kuat bari semu nahan ceurik nembalan bari ngaharéwos.
“ Aa gé teu nyangka gening bapa Néng téh Tukang Kembang"

0 comments:

Post a Comment