Pages

Subscribe:

Ads 468x60px

Semoga humor-humor ini dapat menyegarkan hidup kita, dan memberikan inspirasi untuk produktivitas kita;

Friday, April 15, 2016

Pabaliut...

Pabaliut matak rieut : Basa umur Asép 23 taun, manéhna kawin ka randa geulis anu umurna 35 taun, randa éta téh boga anak parawan umur 12 taun.
Sanggeus 5 taun rumah tangga, anak téré Asép bogoheun ka Bapana asép anu mémang geus lila ngaduda, tuluy maranéhna kawin, hartina meureun Bapana Asép téh sakaligus jadi minantu Asép, pon kitu deui anak téré Asép sakaligus jadi indung Asép sabab kawin ka bapana Asép.
Kaayaan beuki lieur sanggeus Asép boga anak lalaki ti randa téa, meureunan anak Asép téh jadi adi anak téréna sakaligus meureun anak Asép téh jadi adi Bapana Asép, hartina meureun anakna Asép téh sakaligus jadi emangna Asép.
Sanggeus sataun, pamajikan bapana Asép ngalahirkeun anak awéwé, hal ieu hartina anak awéwé éta jadi incu Asép sabab Asép salaki ti ninina, sakaligus jadi adi Asép sabab budak awéwé éta anakna bapana Asép.
Pamajikan Asép téh indung anak téréna, jeung anak téréna jadi indung Asép da kawin ka bapana, hal ieu berarti pamajikan Asép sakaligus jadi ninina Asép sabab pamajikan Asép jadi ninina adina Asép.
Lamun pamajikan Asép jadi ninina, berarti Asép ogé jadi incuna pamajikan Asép.
Sok bayangkeun nepika Lieur…😅😁

0 comments:

Post a Comment