Pages

Subscribe:

Ads 468x60px

Semoga humor-humor ini dapat menyegarkan hidup kita, dan memberikan inspirasi untuk produktivitas kita;

Saturday, April 9, 2016

Pesan Baso

Ibro: mang baso dua mangkok
Tkg Baso : mangga gan
Ibro : nu hiji tong diladaan, nu hiji sing lada
Tkg Baso : siap gan
Ibro : nu diladaan tong make saledri, nu teu diladaan sing loba goreng bawangna
Tkg Baso : naon deui gan?
Ibro : nu kahiji loba togena, nu kadua togena saeutik we da teu pati beukieun
Tkg Baso : atos sakitu wae?
Ibro : nu make saledri di yamin nu loba goreng bawangna caina dipisah
Tkg Baso : ....!!!??
Ibro : nu caina dipisah teu make pecin, nu teu diladaan kecapna lobaan nya da resep amis
TKg Baso : gusti nu agung..!!
Ibro: nu togena saeutik basona opat siki nu laleutik, nu di yamin baso urat dua baso gedena
hiji, tapi dibeulah dua, sabeulah deui asupkeun kana mangkok nu make saledri
Tg Baso : teu kurang loba kahayang teh??
Ibro : baso nu opat siki tukeur dua ku tahu dua deui asupkeun kanu teu diladaan tapi ganti ku somay
Tkg Baso : jang maneh teh rek meli baso atawa nitah gelo..??
Ibro : nu basona opat siki pan kari dua da ditukeuran ku somay, make saos sasendok, nu baso
gede beulah dua tambah pangsit hiji...
Tkg Baso : AYA KENEH.....?!!!
Ibro : tos cekap sakitu we tong lami nya mang...!!
Tkg Baso : Jang saumur sabelas taun dagang baso kakara manggih nu meuli model maneh...!! Ladangan
we ku sorangan urang rek ka apotek heula meuli obat rieut....😀😜😝😝

0 comments:

Post a Comment