Pages

Subscribe:

Ads 468x60px

Semoga humor-humor ini dapat menyegarkan hidup kita, dan memberikan inspirasi untuk produktivitas kita;

Wednesday, October 15, 2014

Dawala

Cépot: “Dawala! Dawala!”

Dawala: “Kah!”

“Di mana silaing?”

“Aya ‘na tangkal kalapa.”

“Turun, euy, aya picaritaeun.”

“Kapalang, Ka, acan kaala sadaya.”

“Ka dieu heula.”

“Nya mangga. Aya kapalay, Ka?”

“Dédéngéan ti tadi silaing ngomong maké ‘A’ wungkul. Éling henteu silaing téh?”

“Sadar, Ka, lantaran ngarah paham tatabasa. Apan basa mah tandana bangsa.”

“Teu make i, u,e, é, eu atawa o?”

“Kagak! Hanya ‘A’ sajah!”

“Kawas enyaan bisa silaing sarwa A. Cik diuji ku déwék. Ngaran bapa urang saha?”

“Badranaya.”

“Ari ngaran déwék?”

“Kaka Astra.”

“Da déwék mah lengkepna Astrajingga. Ari jinggana mana?”

“Astrawarnatambaga.”

“Ari Juragan Dipati Arjuna?”

“Lalanang Jagad.”

“Ari Kangjeng Prabu Yudistira?”

“Raja sabar darana.”

“Ari Juragan Bima?”

“Agan Badag.”

“Ari putrana, Anom Gatotgaca?”

“Jalma gagah ngaangkasa.”

“Ieu mah pasti moal bisa. Ari Dén Nakula jeung Dén Sadewa naon cing?”

“Jajaka babarna samangsa.”

“Bisaan, euy. Ari nyebutkeun suuk kumaha?”

“Kacang.”

“Ari karéta api?”

“Kandaraan panjang.”

“Bisul?”

“Jarawat badag.”

“Jangkrik?”

“Baraya gaang.”

“Coba ayeuna nu panjang. Kieu: déwék maca artikel ‘Sura-seuri Sunda’, seuseurian sorangan, ti dinya ngadahar pakel nepi ka nyeri beuteung, buru-buru ka cai.”

“Kaka Astra maca layang ‘Barakatak Jawabarat’, ngahahah taya sasaha, lantas ngadahar mangga asak kapalang tangka panas padaharan, gancang ka jamban. Kawasna kababayan!”

“Ké, ké, nu pandeuri mah asana teu kungsi diomongkeun ku déwék.”

“Tambahna, Ka, ngarah katangar wasa ngaraksa basa!”***

0 comments:

Post a Comment