Pages

Subscribe:

Ads 468x60px

Semoga humor-humor ini dapat menyegarkan hidup kita, dan memberikan inspirasi untuk produktivitas kita;

Wednesday, October 15, 2014

Mama Wangsa

Mama Wangsa nanya ka anakna, “Maman, aya nangka walanda asak? Abah palay. Wayahna ala, mawa gantar panjang.” Maman cat kana tangkal nangka.

Aya lalay ngalayang nabrak Maman. Maman ngalawan, ngan kawalahan. Blak Maman ragrag ka handap, nangkarak kana catang nangka. Rada parah, katambah-tambah nangka atah ragrag kana tarangna.

Mama Wangsa datang, ngaragap tarang Maman, “Jajaka anak Abah, nyaah ka ramana. Dasar awak taya bagja, kalah ka ragrag.”

Aya randa, Ma Salamah ngaranna, datang mawa dagangan kadaharan: kacang bawang, bakakak hayam atawa panggangna.

“Mangga bapa-bapa, palay mah nyarandak, mayarna mah gampang.”

“Ah, da Mama Wangsa mah sanajan lapar tara kana ngadahar hayam-hayaman, matak panas padaharan.”

0 comments:

Post a Comment