Pages

Subscribe:

Ads 468x60px

Semoga humor-humor ini dapat menyegarkan hidup kita, dan memberikan inspirasi untuk produktivitas kita;

Monday, March 28, 2016

Meser inuman

Bapa : "jang.. pangmeulikeun  inuman anu tiis di warung". 

Udin : "koka kola atawa sep rit, pa?"

BaPa : "koka kola wae.."

Udin : "anu kaleng atawa botol?".

BaPa : "Botol..".

Udin : "nu botol gede atawa nu botol leutik, pa?".

BaPa : "euh budak tolol !! Geus meuli cai biasa we!!".

Udin : "Akua atawa Ades ?".

BaPa : "AKUA!!!!".

Udin : "Panas atawa anu tiis, pa?" (Beungeutna lempeng, teu kerot-kerot).

BaPa:" astagpirulooh, di mana SAPU? mana SAPU?, DI GEBUG SIAH..!!!"

Udin : "Sapu nyere atawa sapu injuk, pa??".

BaPa : "lailahailaloh...dasar sia mah siga sato wae!!".

Udin : "siga Embe atawa Munding, Pa?".

BaPa : "Embe, Gobloggg!!!".

Udin : "Embe Ceme atawa Badot??"

BaPa : "Setan siah!!!!"

Udin : "Tuyul atawa Gendruwo?".

BaPa: "Kumaha sia we, kaditu siah indit !!".

Udin: "Poe ieu atawa isuk?"

BaPa: "Ayeuna , siah !!".

Udin: "Bapa milu atawa moal?!!"

BaPa : "masya Alloh.. Gelo sugan sia mah, dipaehan geura!!!!".

Udin : "Ditubles ku peso atawa dibedil, pa??".

BaPa :"Dibedil siah ku aing!!!".

Udin : "kana sirah atawa beuteung??

# si bapa langsung sakarat bakat ku keuheul#

Udin : bapa... bapaaa..!! kapaehan atawa paeh ?

Bapa : "Paeh ..... aing teh Udin ..."

0 comments:

Post a Comment