Pages

Subscribe:

Ads 468x60px

Semoga humor-humor ini dapat menyegarkan hidup kita, dan memberikan inspirasi untuk produktivitas kita;

Showing posts with label Serba A. Show all posts
Showing posts with label Serba A. Show all posts

Thursday, January 14, 2016

Saduy jeung Mang Aa..

Aya hiji jalmi dilembur saduy nu nyariosna ngangge hurup vokalna "A"..teu tiasa hurup vokal sejen namina mang Aa,Saduy katelah budak calakan teu aya maksad nu sejen ukur palay ngetes ka mang Aa tea..teu kungsi lila Saduy amprok jeung mang Aa..
Saduy : "Kumaha kabarna mang Damang?" (mere pertanyaan mimiti)
Mang Aa : "Damang Jang..kabar Aa,Damang kan?"(malik nanya si saduy)
Saduy : "Damang kang, Ari bumi dimana kang?" (nanya deui,nu pikir saduy mang aa moal bisa ngajawab make hurup"A")
Mang Aa: "Aya..kanan kandang mang jaja..ada apa ya?" (malik nanya deui ka saduy)
Saduy : "Wah..hebat euy, nya geus mun akang dahar jeung naon kitu?" (nanya nu sakian kali..nu maksud supaya ngajawab teu make hurup"A")
Mang Aa : "Ha..ha..sama kaya aa,kadang-kadang ada dada hayam..napa ya?" (ngajawab deui,bari seuri sagala)
Saduy lila-lila ka walahan, "Wah..beuneur2 yeuh jalma boa-boa emang teu bisa ngomong nu sejeun kitu?" (ngagereunteus dina hatena tuluy nanya deui)
Saduy : "Ari pamajikan aya,tuluy saha ngaran pamajikan..teras mitoha saha ngaran,ari jalan-jalan sok kamana wae,ayeuna akang rek kamana,ari umur sabaraha...akang sakola dimana lulusan naon,..tah jawab ku nyaneh?" (nanya ngaberedel,tuluy jiga nu rada keuheul..nu maksud supaya mang aa teu bisa ngajawab)
Mang Aa : "Aa..kaya gak paham saya nanya banyak amat..ha..ha..aya,namanya sa'adah..namanya bah anda..jalan2nya ka jakarta,karang saya ka bandara..sama sama aa,SMA jakarta...aya nambah nanya?" (malik nanya deui ka si saduy)
Saduy : "nya..saya gak ada nanya nambah mangga jalan aja..!" (bari ngaleos ninggalkeun mang Aa,tuluy ngomong sorangan"Hoor..geuning aing jadi ngomongna sarua..waduh kade katularan yeuh"geureuntes dina hatena)
sumber: BSJK

Wednesday, October 15, 2014

Dawala

Cépot: “Dawala! Dawala!”

Dawala: “Kah!”

“Di mana silaing?”

“Aya ‘na tangkal kalapa.”

“Turun, euy, aya picaritaeun.”

“Kapalang, Ka, acan kaala sadaya.”

“Ka dieu heula.”

“Nya mangga. Aya kapalay, Ka?”

“Dédéngéan ti tadi silaing ngomong maké ‘A’ wungkul. Éling henteu silaing téh?”

“Sadar, Ka, lantaran ngarah paham tatabasa. Apan basa mah tandana bangsa.”

“Teu make i, u,e, é, eu atawa o?”

“Kagak! Hanya ‘A’ sajah!”

“Kawas enyaan bisa silaing sarwa A. Cik diuji ku déwék. Ngaran bapa urang saha?”

“Badranaya.”

“Ari ngaran déwék?”

“Kaka Astra.”

“Da déwék mah lengkepna Astrajingga. Ari jinggana mana?”

“Astrawarnatambaga.”

“Ari Juragan Dipati Arjuna?”

“Lalanang Jagad.”

“Ari Kangjeng Prabu Yudistira?”

“Raja sabar darana.”

“Ari Juragan Bima?”

“Agan Badag.”

“Ari putrana, Anom Gatotgaca?”

“Jalma gagah ngaangkasa.”

“Ieu mah pasti moal bisa. Ari Dén Nakula jeung Dén Sadewa naon cing?”

“Jajaka babarna samangsa.”

“Bisaan, euy. Ari nyebutkeun suuk kumaha?”

“Kacang.”

“Ari karéta api?”

“Kandaraan panjang.”

“Bisul?”

“Jarawat badag.”

“Jangkrik?”

“Baraya gaang.”

“Coba ayeuna nu panjang. Kieu: déwék maca artikel ‘Sura-seuri Sunda’, seuseurian sorangan, ti dinya ngadahar pakel nepi ka nyeri beuteung, buru-buru ka cai.”

“Kaka Astra maca layang ‘Barakatak Jawabarat’, ngahahah taya sasaha, lantas ngadahar mangga asak kapalang tangka panas padaharan, gancang ka jamban. Kawasna kababayan!”

“Ké, ké, nu pandeuri mah asana teu kungsi diomongkeun ku déwék.”

“Tambahna, Ka, ngarah katangar wasa ngaraksa basa!”***

Mama Wangsa

Mama Wangsa nanya ka anakna, “Maman, aya nangka walanda asak? Abah palay. Wayahna ala, mawa gantar panjang.” Maman cat kana tangkal nangka.

Aya lalay ngalayang nabrak Maman. Maman ngalawan, ngan kawalahan. Blak Maman ragrag ka handap, nangkarak kana catang nangka. Rada parah, katambah-tambah nangka atah ragrag kana tarangna.

Mama Wangsa datang, ngaragap tarang Maman, “Jajaka anak Abah, nyaah ka ramana. Dasar awak taya bagja, kalah ka ragrag.”

Aya randa, Ma Salamah ngaranna, datang mawa dagangan kadaharan: kacang bawang, bakakak hayam atawa panggangna.

“Mangga bapa-bapa, palay mah nyarandak, mayarna mah gampang.”

“Ah, da Mama Wangsa mah sanajan lapar tara kana ngadahar hayam-hayaman, matak panas padaharan.”

Hanjakal...

Mangsa Ba'da asar Mang Darma aya maksad nyaba ka mangkalaya. Ka barayana ngaran Wa Tantan. Bral arangkat , ngahaja ngajak Kang Maman ngarah aya balad. Sajajalan mang Darma rada agag-agagan lantaran jarang aya parawan batan gandangna. Manah mang Darma nalangsa " kahayang mah nganjang ka parawan, ngan hanjakal taya waragad jaba anakna balatak.
Kang maman mah tara hayang ka parawan sabab garwana rada galak sarta bapana tara ngajak.

Jalan Ka Mangkalaya batan tarahalna malah aya tanjakan sagala. Jaba jalanna narabas mapay-mapay gang. Kang Maman ngarasa hana'ang, gap kana wadah lahang. Awakna Karasa asa rada jag-jag.

Sadatangna ka Mangkalaya nyampak taya sasaha da barayana angkat ka cantayan maksad ngalayad anakna ngaran Ratna, lantaran kakara anyar Babar.
Mang Darma Nyangsaya na samak kang Maman mah lalangkarakan.
" Lah hanjakal taya sasaha, mangka karasa lapar.." wakca kang Maman.
" Naha lapar nyah, pan anyar dahar ?" Mang Darma nanya.
" Tacan, karak ngadahar bacang!" jawab kang maman.
" Sabaraha ngadahar bacangna ?
" Dalapan..!"
" Balatak dalapan mah panyana can sarapan !" Mang Darma ngadadak galak.
Kang Maman karah nyakakak .....ha..ha...ha..ha...

Basa Wa Tantan datang, Mang Darma ajrag-ajragan lantaran barayana mawa nangka sakaranjang.
" Alaaah nangka nyah wa, Kahayang sayah nangka mah..?
" tah dahar nangkana, ngan hanjakal atah.." Wakca Wa Tantan
" atah nyah, naha..? Tanya Mang Darma
Wa Tantan ngajawab " Pan anyar ngala...!"
" Ah da sayah mah hayang...!?"
Dasar jalma balangsak mang Darma ngadahar nangka atah aya kana salapanna, kang maman mah karah asa-asa lantaran basa gap kana nangka atah , lar aya Pa Rahman sarta nyaram kang Maman ngadahar nangka atah.

" Ngadahar nangka atah mah karah matak kana padaharan, bakal kababayan sarta bakal panas sa-awak-awak " Pa Rahman ngawakca.

" Pan taya kadaharan kajaba nangka atah..."

" Aya tah, hayang mah martabak asak..!?"

" Sabaraha nyandak martabak asakna ?" tanya Kang Maman

" Salapan candak dalapan..!" Jawab Pa Rahman

Hanjakal nya !